-->

Adegan

Adegan
Adegan
Adegan

Sanggian : Mang Koko Koswara
Lagam : Kawih
Laras : Salendro
Sumber : Sekar Mayang - Kawih Sunda
Mang Koko Koswara - Mitra Buana - Bandung 1990

Gedong naon itu deukeut alun-alun, Alus pisan?
Kantor ka wadanan
Pa Wadana anu jadi kapalana
Sabar, adil, katurut ku rahayatna

Adegan dijaga ku nu nyoren bedil, siga tangsi?
... Euh, kantor Pulisi
Nu digawe make pakean saules
Gandang, tandang, tagogna pantes tur kewes

Ari itu nu ngajengleng siga imah, anu saha?
... Eta Balé Desa
Gotong-royong rayat nu ngadegekeunana
Rampak-Ragem, Bapa Lurah kokolotna

Adegan dijaga ku nu nyoren bedil, matak risi?
... Nu eta mah Bui
Dijerona wungkul pinuh ku sakitan
Sedih, peurih, keur ngajalankeun hukuman

Itu naon nu ngajajar jero lembur, matak betah?
... Eta imah-imah
Imah panggung, imah tembok, imah bilik

Genah, betah, asal ngurusna sing apik

Ari itu tengah sawah dihateupan, tempat naon?
... Eta saung ranggon
Tengah poé tempat Pa Tani nyiruruk
Gombrang! Gombrang! bari nyingsieunan manuk

Kanggo rumpaka kawih nu sanesna tiasa di klik gambar dihandap ieu:


Advertisement