-->

Acuk Bungur

Acuk Bungur
Acuk Bungur


Acuk Bungur

Sanggian : Mang Koko Koswara
Lagam : Degung-Kawih
Laras : Pelog
Sumber : Cangkurileung Vol 3
Mang Koko - Mitra Buana - Bandung 1992

Acuk bungur anu weuteuh
Kaantelan geutah nangka
Hayu batur urang reureuh
Urang pada suka-suka
Waktu pere enggeus datang
Teu kudu indit ka sakola

Acuk bungur tulis cele
Latar biru suat kembang
Hayu batur rame-rame
Urang bantu kolot urang
Digawe sabisa-bisa
Entong hariwang
Teu kudu indit ka sakola

Acuk bungur tulis cele
Ditilepan diayuman
Hayu batur rame-rame
Tamba kesel kekebonan
Melak bayem di buruan
Entong hariwang
Teu kudu indit ka sakola

Kanggo lirik kawih nu sanesna tiasa di klik gambar dihandap ieu:


Advertisement