-->

Alim Patebih

Alim Patebih
Alim Patebih
Alim Patebih

Dina liuh-liuh nu linduh
Nu kasisir angin tipeuting
Anteng nyarandekeun hate
Geugeut pageuh dina lahunan

Bongan geus lawas teu tepang
Sami-sami ngagugulung kangen
Ajrih nemragkeun kasono
katineung nu urang


Kahoyong mah engkang urang ulah pisah deui

Kahoyong mah engkang ulah rek paanggang deui
Palias inggis nunggeulis cuang cieung leungiteun kaheman
Teu wasa kedah nyorangan nalangsa tunggara
Advertisement