-->

Abdi Negara

Abdi Negara
Abdi Negara
Abdi Negara

>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>

Lagam : Kawih 
Laras : Pelog, Madenda 
Sumber : Perkembangan Tembang/Kawih Sunda Barmara/Ida Achman - Dua-R - Bandung 1957

<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<

Mangga urang kakawihan 
Laguna Abdi negara 
Rempug djukung persatuan 
Sasaka adjeg nagara 

Laguna Abdi negara 
Larasna pelog patokan 
Teguh djajaning nagara 
Ampuh agung kabangsaan 

Ngawihkeun Abdi negara 
Mangka luju djeung tabeuhna 
Nu miheman ka nagara 
Djaga djaring mamalana 

Mun ngawih Abdi negara 
Sing njumponan iramana 
Mun ngaku boga nagara 
Raksa kaamananana 

Haju batur urang ngawih 
Laguna Abdi negara 
Leuleugeur sing euih-euih 
Ngangkat ngadjungdjung nagara 

Laguna Abdi negara 
Larasna pelog patokan
Gemah ripahna nagara 
Tanpa getreng pasendatan

Kanggo lirik lagu anu sanesna tiasa di klik gambar dihandap ieu:



Advertisement